Milih Pijodoeun (Kumaha Carana?)

Status dina Pesbuk, dicopas bebas di dieu. Tong protes, gandeng!

(Nuhun ka Lebe Rancabanyol 🙂 )


hati-hati sunda

Kanyaah jang kang Irfan Arifuddin kang Ivan Romanov mang Michael Emod Ramehmod oge kususna kanu can parayu. (Bari ngaca)

Hidep sadaya regepkeun sing kaharti, ari MILIH PIJODOEUN teh cing emut kana dauh Rasulullah anu pokna:
PILIH AWEWE ANU BAKAL JADI PAMAJIKAN MARANEH, SABAB GETIH PARAGI WATEK JEUNG PANGADATAN TEH ETA SOK PUNDAH PINDAH (TURUN TUMURUN).

Oge dina hadist sejen Rasul ngadauh kieu:
Awewe dikawin teh lantaran opat perkara:
1. Lantaran hartana
2. Lantaran turunanana
3. Lantaran kageulisanana
4. Lantaran agamana, ngan lamun maraneh hayang untung, pek pilih awewe anu ngalaksanakeun agamana.

Jol we aya pertanyaan, “Naha ari milih jodo teh kudu kusorangan?”
Jawabna: ENYA, teu meunang milih pijodoeun seperti meuli Dut Idut tina karung, EH MEULI UCING TINA KARUNG, kakara teupung rek dina waktu dirapalan.

Untung lamun kabeneran pada bogoh,tapi lamun BERTEPUK SEBELAH SUKU EEH SEBALAH TANGAN alias bogoh nongencang, kan bisa barabe. Lantaran ngawangun rumah tangga teh lain keur sapoeun, paribasa kawin sore pegat isuk. ciga artis luar ceu Britney Spears kawin isuk2 sore pisah.
Tapi targetnateh kudu nep ka akherat.

Jadi milih jodo teh usahakeun BATU TURUN KESIK NAEK, KALAPA TONGGOHEUNANA, LALAKI PURUN AWEWE DAEK SARUA BOGOHEUNANA.

Janten jodo kudu meunang milih sorangan (da lain jaman mamah Dedeh Rukmaya eeeh Siti Nurbaya maksad teh).
Sabab ku agama teu dibenerkeun hiji perkawinan anu kasang tukangna di implik implikan kuhiji INTIMIDASI atawa paksaan timana wae datangna.

Aya hiji riwayat di zaman Rasulullah saw. : Kungsi aya hiji awewe golongan Anshar ngarana Khansa Binti Khidza, di kawinkeun ku bapana kahiji pamuda, padahal manehna (eta si awewe) teu bogooheun nya ngadoni ka Rasulullah saw. Ngunjukeun eta perkara, harita keneh, FA RODDA NIKAHAHA, mangka dibedokeun alias dibatalkeun pernikahanana. (Hadist R. Bukhori)

*asa lapar geus ngetik teh,panjang teuing kitu?


Lanjut ka dieu geura:

Omat di mana salira geus MANGGIH JODONA kudu hade ka pamajikan.

Sabab biasana pamajikan teuloba pamenta, teu hayang disanjung, dipuja, di wowoy ku harta luyuh layah, tapi hiji anu dipenta ku pamajikan, nyaeta menta di ajenan anu wajar.

Dibawa badami mun aya pasualan rumah tangga, mun rek indit-inditan pamit (ulah ciga Bunhaw Tanjuhoek asal angkat) atuh lamun datang teulat nyarita balaka.

Saur Allah dina surat An-Nisa, anu pi hartoseunana: “Kudu harade maneh campur gaul jeung pamajikan teh.”

Oge Rasul ngeceskeun dina salahsawios dauhanana, anu kecapna:
JELEMA ANU PANGHADENA DI ANTARA MARANEH TEH, NYAETA JALMA ANU PANGHADENA KA PAMAJIKANANA, JEUNG KULA OGE JALMA ANU PANGHADENA KA PAMAJIKAN KULA DI ANTARA MARANEH.

Margi salaki jeung pamajikan ngabogaan hak jeung kawajiban anu sarua, ngan TUGASNA ANU BEDA. Lalaki teh jadi pamimpin sakulawarga, sedengkeun istri mah jadi pamimpin rumah tangga.

Pertanyaanana kumaha atuh peranan jeung kawajiban lalaki dina rumah tangga teh???

*ngusapan galon


Teu ngarti? Sarua! 😆 Nya teangan we sorangan di Gugel Trenslet, sugan we aya bahasa Timbuktu.

Cag ah!

Satu pemikiran pada “Milih Pijodoeun (Kumaha Carana?)”

  1. Ngakak….
    Nyentrik tpi sopan…
    Kata kata na simple tapi nojos kana manah

    Tuluykeun kang bisa ngieun seuri keur nu maca mantak jdi ibadah keur nu ngieun na

    Suka

Tinggalkan komentar

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.